Resensi Novel Sunda
Resensi Novel Sunda
Resensi Novel Sunda
Eusi Buku
Gaya basa pangarang dina nyaritakeu ieu novel, make basa nu cukup komunikatif atawa basa
sunda nu sering di pake, jadi nu maca bisa gampang ngarti kana carita .Tapi kakuranganana dina
bahasa, pangarang dina nyampekeun caritana aya sababaraha carita dina novelna nu rada fulgar
novel “KembangKembang Petingan” nyaritakeun kumaha carita hirup awewe bangor, kumaha
kahirupan manehna sabasa jadi awewe bangor nepi ka manehna manggihan lalaki nu bisa
ngabawa manehna balik deui jadi awewe nu bener, lalaki eta the nyaeta “langgananna” Handi,
handi the ngabawa manehna jadi awewe bener deui ku cara ngawin manehna sanajan jadi
pamajikan nu kadua. Nepi ka pamajikan nu kahiji Handi ngontrog, terus manehna ditempatkeun
kana pilihan manehna kudu sabar jadi awewe bener atawa balik deui ka jurang kanistaan jadi
awewe bangor. Dina novel ieu teu namatkeun caritana jadi nu maca bisa nyimpulkeun sorangan .
Gaya pangarang dina nyaritakeun novel ieu mihak ka nasib awewe bangor jadii pangarang
nyaritakeun perasaan si awewe bangor kumaha mun maneh na dikucilkeun ku masarakat bahkan
ku kaluargana sorangan, terus nyaritakeun kumaha awewe bangor ge boga keneh rarasaan, terus
dimana manehna ngarasa cape tuluy jadi awewe bangor dimana manehna ge haying bisa jadi
awewe nu bener kawas batur
Enok ngaran tokoh nu dicaritakeun dina novel ieu nyaeta awewe bangor nu tigebrus ka jurang
kanistaan disababkeun salakina nu salingkuh jeung awewe bangor, manehna haying bisa balik
deui jadi awewe nu bener tapi manehna ngarasa takdir teu ngijinan dimana teu aya deui nu bisa
narima awewe bangor jadi bener
Pangarang dina nyaritakeun karihupan sapopoe di imah si mamih kawas nu apal kajadian
sabenerna dimana music dangdut diputer unggal poe, tur loba “tamu” nu dating ka si Mamih ti
jam 5 sore, terus kaayaannana mun geus rek asup ka peuting di imah si Mamih, nu matak nu
maca ngarasa turut asup dina eta carita.
Novel “kembang-Kembang Petingan” ieu ngajarkeun urang meh leuwih nyaho kumaha
kahirupan awewe bangor, dimana awewe bangor ge boga keneh sisi positif na, ngajarkeun oge
kumaha kerasna kahirupan awewe bangor meh urang bisa ngahargaan ka jeung ngama’lum ka
kahirupan manehna.
Holisoh M.E., pangarang Sunda anu pangproduktifna bari jeung kreatif (manehna geus nulis
leuwih ti 300 carita pondok dimuat dina rupa-rupa majalah mayeng ti taun 1970-an nepi ka
kiwari), taun 2002 medalkeun roman Kembang-kembang Petingan, nu waktu dimuat
nyambung dina Mangle geus nyababkeun nu ngarangna narima Hadiah LBSS. Ieu teh roman
Holisoh nu kadua nu medal jadi buku. Nu munggaran judulna Katineung (1998). Kembang-
kembang Petingan caritana ngeunaan awewe anu tikunclung kana kanistaan jadi ungkluk ku
lantaran dinyenyeri ku salaki, nu waktu aya nu ngajait dijadikeun pamajikan anu sah,
nyanghareupan masarakat anu henteu narima urut ungkluk aya di lingkunganana, mangkaning
pamajikan salakina anu kolot oge ngontrog deuih nyarekan laklak dasar. “Na teu meunang
awewe bangor jadi bener? Na teu meunang ungkluk milu hirup kumbuh di sabudereun
awewe-awewe bener? Jeung barina ge kuring mah ruruntuk lain awewe bangor!” .... “Atawa
meureun ungkluk mah kudu tetep we jadi ungkluk, teu meunang jadi bener ..... Ana kitu mah
teu adil atuh dunya teh...... Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu tobat
ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub wae?” Holisoh
ngagugat kamunapekan masarakat dina tungtung karanganana. Ngan anu ngajadikeun
Kembang-kembang Petingan pinunjul mah lain gugatanana, tapi kaparigelan Holisoh dina
ngagambarkeun kahirupan dunya mesum kalawan realistis jeung hirup. Nu digambarkeunana
lain ngan kahirupan fisikna sapopoe, lain ngan kaayaan di imah si Mamih anu ngukut
“kembang-kembang petingan”, tapi alam batin jalma-jalma anu araya di dinya deuih:
kanyerina, harga dirina, kanyaahna ka nu jadi anak atawa kolot, kateuresepna ka “langganan”
tapi nu kudu dilayanan kalawan hade, cindekna Holisoh nyieun potret realistis nu matak
hemeng ku sabab pagaweanana sapopopoe apan jadi guru