Lompat ke isi

Kurban

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kurban (Bahasa Arab: قربن, transliterasi: Qurban), disebut ogé Udhhiyah atawa Dhahiyyah sacara harfiah berarti sato anu dipencit.[1] Sedengkeun ritual kurban nyaéta salah sahiji ritual ibadah agama Islam.[1] Ibadah kurban persisisna di bulan Dzulhijjah nyaéta tanggal 10 (poé nahar), 11,12 jeung 13 (poé tasyrik) pas poé Raya Idul Adha.[1]

Hukum kurban

[édit | édit sumber]

Mayoritas ulama tina kalangan sohabat, tabi’in, tabiut tabi’in, jeung fuqaha (ahli fiqh) ngébréhkeun yén hukum kurban nyaéta sunnah muakkadah (utama), euweuh nu ngawajibkeun iwal Abu Hanifah (tabi’in).[1] Ibnu Hazm ngébréhkeun euweuh saurang sahabat Nabi anu ngébréhkeun yén kurban téh wajib.[1]

Dalil Kurban

[édit | édit sumber]

Dalil kurban Archived 2020-07-24 di Wayback Machine tina al-Qur'an diantarana:

  • al-Kautsar ayat 2
  • al-Hajj ayat 34
  • as-Saffat ayat 102

Sarat jeung katangtuan kurban

[édit | édit sumber]

Syarat jeung katangtuan ngabagi daging kurban di antarana :

  • Jalma anu kurban kudu mampuh nyadiakeun sato pikeun dipencit kalayan cara anu halal jeung teu nganjuk.[2]
  • Sato nu di kurbankeun kudu sato ternak, saperti onta, sapi, embé atawa biri-biri.[2]

Sato anu dipencit henteu cacat, henteu lolong, cingked, gering jeung boh ceuli boh buntutna kudu utuh.[2]

  • Sato anu di kurbankeun geus nyukupan kana umurna, nyaéta onta umurna 5 taun atawa leuwih, sapi atawa munding umurna 2 taun, jeung domba atawa embéumurna leuwih ti sataun.[2]
  • Jalma anu rék kurban lain budak, kudu geus baligh jeung miboga akal.[2]
  • Daging kurban dibagi tilu, 1/3 pikeun didahar ku nu kurban, 1/3 disodakohkeun,jeung 1/3 bagian dihadiahkeun ka batur.[2]

catetan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e HUKUM DAN ADAB BERKURBAN Archived 2012-01-08 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 26 November 2011)
  2. a b c d e f Syarat Hewan Kurban – Hari Raya Kurban Idhul Adha Archived 2011-11-19 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 26 November 2011)