Warta Sunda

Unduh sebagai docx, pdf, atau txt
Unduh sebagai docx, pdf, atau txt
Anda di halaman 1dari 4

NAMA: MOCHAMMAD HAYDAR ALFAHREZI

KELAS : 8I
TUGAS WARTA KABUPATEN MAJALENGKA

Majalengka Lir Mutiara Nu Kapendem

Ku: H. Sutrisno,SE,MSi

(Bupati Majalengka)

Meh dina saban kasempetan, sim kuring mindeng nyebutkeun yen tatar Majalengka ieu lir ibarat
mutiara nu masih kapendem di jero leutak. Ungkara ieu ngandung harti nu kacida telebna. Urang
sarerea terang, mutiara teh mangrupa simbul kaendahan, kamewahan, kamajuan, tur
karaharjaan. Tapi sangkan sagalana eta henteu ngan semet impian, eta mutiara satekah polah
kudu digali. Leutak jeung sagala nu nutupanana kudu disingraykeun, dina harti kudu diolah ku cara
ngerahkeun sagala kakuatan sumberdaya nu aya, inovasi nu luhur, sumanget nu ngagedur, turta
kabarempug-jupungan nu pageuh tur tanggoh, sahingga eta mutiara nu murub-mubyar ahirna
tembong moronyoy sarta dipiserab dipikaajrih ku rahayat ti saban nagri.

Tumali jeung eta, nya tugas urang sarerea minangka warga Majalengka pikeun singkil ngagalina.
Tur Alhamdulillah, nepi ka danget kiwari, gambaran ngeunaan Majalengka nu leuwih hade eta beuki
atra nyampak di hareupeun urang sarerea. Saniskara program jeung kawijakan pikeun ngahontalna
geus diguluyurkeun, kaasup sim kuring oge mastikeun, pangwangunan Bandara Internasional Jawa
Barat (BIJB) di Kertajati nu bakal mere kauntungan nu lain saeutik keur warga Majalengka ka hareup
eta lain saukur wacana, tapi bener-bener bakal jadi kanyataan. Pamarentah Provinsi Jawa Barat
malahan geus ngucurkeun dana pikeun ngabebaskeun lahanna. Kitu deui sawatara palaturan daerah
kiwari keur digodog di tingkat provinsi pikeun ngatur saniskara hal nu patali jeung pangwangunan
bandara eta.
Salian ti eta, bakal diwangunna jalan Tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan (Cisumdawu) nu ngaliwatan
Kabupaten Bandung, Sumedang jeung Majalengka tinangtu baris nambah kakuatan tumuwuhna
daya dukung pangwangunan di sagala sektor. Pangwangunan jalan tol nu panjangna 58,5 kilometer
tur ditaksir baris meakeun waragad Rp 5,1 trilyun eta, kiwari geus jadi salasahiji prioritas utama
Kementrian Pekerjaan Umum (PU) pikeun pangwangunan infrastruktur di Jawa Barat taun ieu. Kitu
deui bakal diwangunna jalan Tol Cikampek-Palimanan (Cikapa) jeung Rencana Pembangunan
Pelabuhan Laut Intrenasional sarta jalur Kereta Api Cepat Bandung-Majalengka (Kertajati) nu masih
sapaket jeung konsep Megapolitan ieu tanwande bakal mecut laju pangwangunan di Kabupaten
Majalengka jadi leuwih gancang deui.

Konsep Aero City nu bakal diterapkeun patali jeung diwangunna bandara internasional, oge tangtu
baris ngadorong tumuwuhna kagiatan di saniskara sektor saperti industri, pariwisata, pendidikan
jeung sektor-sektor sejenna nu baris tumuwuh sacara alami. Malahan, relokasi kawasan industri
Tekstil jeung Produk Tekstil oge baris diwangun di kawasan bandara engke. Atuh ku kituna,
kawasan Kertajati Aero City oge baris dilegaan, nu tadina ngan ngawengku 3 kacamatan jadi 6
kacamatan.

Nu oge teu eleh pentingna, nya eta pangwangunan Waduk Jatigede nu kira-kira baris rengse dina
taun 2014. Waduk kasebut bakal jadi solusi pikeun ngurangan lahan kritis di sapanjang Daerah Aliran
Sungai (DAS) Cimanuk-Cisanggarung salega 7.711 kilometer pasagi nu ngembat di dua propinsi ti
mimiti Kabupaten Garut, Sumedang, Indramayu, Majalengka jeung Cirebon di Jawa Barat nepi ka
Kabupaten Brebes di Jawa Tengah.

Hal-hal bieu tangtu wae matak ngagumbirakeun urang sarerea. Ngan masalahna, kumaha urang
nataharkeun sagala kamungkinan nu bakal tumiba patali jeung parobahan nu dibalukarkeun ku
"revolusi" di Majalengka ieu. Naon kaboga (kakuatan) urang, naon kapunjulan jeung kakurangan
urang, kudu gancang diinventarisir, jeung leuwih jauh deui, urang kudu mampuh nyusun rencana
strategis supaya urang sarerea jadi bagian ti "pelaku" pangwangunan ngarah teu jadi "tamu" di imah
urang sorangan.

Salasahiji tarekah dina nyanghareupan parobahan rongkah ieu nya eta ku cara nguatan sektor-
sektor unggulan jeung nyiptakeun Brand Image atawa "pencitraan" Majalengka nu mibanda daya
tawar (bargaining position) nu hade tur luhur sahingga bisa narik para investor pikeun melak tur
ngokolakeun modalna di Majalengka. Nu ahirna, sesebutan Majalengka minangka "Kota Pangsiunan"
atawa "Desa Badag" bener-bener bakal sirna tur salin jinis ganti rupa ngajanggelek jadi kota nu maju
sacara ekonomi jeung spiritual, boh lahiriah boh batiniah. Cindekna, jadi kota harepan tur impian
sakumna masarakat Majalengka, di mana visi Kabupaten Majalengka katembong atra tur nyata
enggoning ngahontal Majalengka nu religius, maju turta raharja.
NAMA: MOCHAMMAD HAYDAR ALFAHREZI
KELAS : 8I
TUGAS WARTA KABUPATEN MAJALENGKA

Curug Cipeuteuy Majalengka


– Pada dasarnya curug merupakan tempat wisata untuk berenang, dengan keteduhan dibawah
pohon rindang. Ternyata oh ternyata, nama curug cipeuteuy itu terdapat di beberapa kota atau
kabupaten. Curug tersebut memang semuanya asri dan jernih sekali, karena masing-masing curug
merupakan asli dari pegunungan. Dan mitos warga setempat, dinamai curug cipeuteuy itu karena
ada pohon peuteuy (sunda) kalau bahasa nasionalnya mah pete, petai. Konon katanya pohon pete
ini sangat besar sekali, jadilah dinamai curug cipeuteuy.

urug yang satu ini tidak kalah jernihnya, dengan curug yang ada di bogor dan karawang. Curug ini
juga merupakan aliran dari gunung ciremai. Dibalik itu sobat bisa berenang dan mandi dengan air
terjun ini, sobat bisa menikmati fasilitas dan wahana lainnya.

Wahana curug cipeuteuy majalengka

1. Air terjun
2. Kolam pemandian
3. Pancuran terapi kesehatan
4. Wisata menanam

Sobat bisa belajar menanam sekalian berlibur loh, karena disini tempat budidaya anggrek sobat.

5. Animal watching
Memang cocok wisata keluarga disini, nah disini juga sobat bisa mengedukasi anak-anak tentang
burung elang lainnya. Ternyata pengelola disini mengembangkan habitat elang jawa. Wah seru ya
sobat. Selain elang jawa disini juga ada lutung, surili dan kera ekor panjang

6. Hiking
7. Arboretum pohon

Wahana selain menikmati curug, sobat juga bisa mengetahui jenis-jenis pohon, karena disetiap
pohon sudah tertera nama jenis pohon. Amazing bukan.

8. Andemik ciremai
9. Outbound

Curug cipeuteuy ini sudah dikembangkan oleh mitra pariwisata gunung ciremai dan warga setempat.
Jadi fasilitas disini sudah cukup komplit mulai dari kamar ganti, tempat ngecamp, toilet, gazebo,
parkiran serta warung makanan dan oleh-oleh.Gazebo di curug cipeuteuy memberikan spot yang
menarik bagi para pengunjungnya.

Harga tiket masuk curug cipeuteuy majalengka

Dewasa Rp. 15.000

Anak-anak Rp. 5.000

Biaya parkir curug cipeuteuy

Jarak dari parkiran ke tempat wisata kurang lebih 500 km.

Motor Rp. 2.000

Mobil Rp. 5.000

Rute jalan menuju curug cipeuteuy majalengka

Bagi sobat yang ingin beriwisata kesini, lokasinya berada di jalan blok dukuh pasir desa bantarujeg
kecamatan sindangwangi majalengka, di jalan ada petunjuk jalan menuju lokasi. Untuk ke lokasi
wisata ini lebih baik menggunkan motor, karena untuk mobil jalannya cukup muat satu mobil. Jadi
kalau berpapasan harus ekstra hati-hati. Untuk bus pariwisata tidak bisa, untuk bis hanya bisa sampe
ke desa sindangwangi. Tapi untuk menuju lokasi sobat bisa di antar dengan mobil bak terbuka, yang
disediakan olah karang taruna.

Anda mungkin juga menyukai