Pupuk
Pupuk (disebut ogé gemuk) nyaéta panyubur pepelakan anu ditambahkeun kana taneuh pikeun nyayagakeun sanyawaan unsur anu diperlukeun ku pepelakan.[1] Pupuk mangrupa bahan anu dibikeun kana pepelakan atawa lahan pikeun nyumponan kabutuhan nutrisi pepelakan.[2] Sacara umum, pupuk dibagi jadi dua jenis, nyaéta pupuk organik jeug pupuk anorganik.[2] Pupuk organik nyaéta pupuk anu asalna tina susa-sésa mahluk hirup, siga kompos atawa pupuk kandang.[2] Kiwari geus sayaga mangrupa-rupa pupuk organik anu siap paké.[2] Pupuk anorganik asalna tina bahan-bahan mineral, siga KCL, Uréa jeung TSP.[2]
Jenis Pupuk
[édit | édit sumber]Pupuk bisa digolongkeun ogé kana 3 jenis pupuk,
- Pupuk anorganik anu dipaké; nyaéta jenis pupuk anu kadaptar, disahkeun atawa dirékoméndasikeun ku pamaréntah.[2]
- Pupuk organik; nyaéta pupuk anu sabagéan badag atawa sagemblengna kawangun ku bahan organik anu asalna tina pepelakan atawa sato anu geus ngaliwatan prosés rékayasa, bisa mangrupa padét atawa cair anu dipaké pikeun nyupléi bahan organik, ngoméan sifat fisik, kimia jeung biologi taneuh.[2]
- Pamenah taneuh; nyaéta bahan-bahan sintétis atawa alami, organik atawa mineral wangunna padet atawa cair anu bisa ngoméan sifat fisik, kimia jeung biologi taneuh.[2]
Standar Pupuk
[édit | édit sumber]Pamupukan diusahakeun méré mangpaat anu sabadag-badagna ku dampak nu saleutik-leutikna, sarta nyumponan lima pas: pas jenisna, nyaéta pupuk ngandung unsur hara makro atawa mikro luyu jeung kabutuhan pepelakan, ku merhatikeun kaayaan kasuburan lahan; pas mutuna, nyaéta kudu maké pupuk anu mutuna hadé, luyu jeung standar anu ditetepkeun; pas waktuna, nyaéta dilarapkeun luyu jeung kabutuhan, stadia tumuwuh pepelakan, sarta kondisi lapangan anu pas; pas dosisna, nyaéta jumlah nu dibikeun luyu jeung anjuran atawa rékoméndasi spésifik lokasi; pas cara larapna, anu luyu jeung jenis pupuk, pepelakan jeung kaayaan lapangan.[2]