Warung Telekomunikasi
Warung télékomunikasi atawa wartel nyaéta tempat anu disadiakeun pikeun nyadiakeun jasa telekomunikasi pikeun umum anu ditungguan sarta mangrupa bagian tina telepon umum. Panunggu wartel nyaéta jelema anu digawé dina jero wangunan wartel anu bisa boga sipat tetep atawa pipindahan (wartel nu maké mobil boks).
Dina jero wartel aya kamar telepon umum atawa dina basa Indonésia disebut Kamar Bicara Umum (KBU) nu eusina mangrupa terminal telepon pikeun dipaké ku pamaké jasa. Telepon dina jero KBU bisa dipaké pikeun telepon lokal, antarwilayah interlokal (SLJJ), atawa sambungan langsung internasional. Waragad pamakéan jasa télékomunikasi dibayarkeun langsung ku konsumén di wartel luyu jeung tarif pulsa anu lumaku ditambah tarif jasa wartel.
Panyadia jasa wartel saeutikna ngagunakeun dua sambungan télékomunikasi. Nu boga wartel nyaéta pribadi, badan usaha milik daerah (BUMD), badan usaha milik swasta, atawa koperasi. Nu boga wartel ngagabung dina Asosiasi Pangusaha Wartel Indonésia (APWI) anu ngadeg dina tanggal 8 Januari 1992.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Aturan Mantri Komunikasi jeung Informatika Nomer: 05/PER/M.KOMINFO/I/2006 Ngeunaan Panyadiaan Warung Telekomunikasi[tumbu nonaktif]
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Kawijakan tarif telekomunikasi pikeun iklim usaha wartel di Indonésia[tumbu nonaktif] ku Asosiasi Pangusaha Wartel Indonésia
- Info Archived 2011-08-24 di Wayback Machine