Uprak Bahasa Sunda
Uprak Bahasa Sunda
Uprak Bahasa Sunda
Nyai Endit nyaeta jalma pangbeungharna di Desa, boga imah mewah, lumbung beas
kacida gedena lantaran kudu nampung beas anu dibeuli ti sakumamna patani di eta Desa.
Sumuhun! Kabeh patani nu aya di dinya ngajual hasil panenna ka Nyai Endit. Maranehna
kudu ngajual sakabeh pepelakanana kalawan harga anu murah lamun henteu hayang manggih
kasusah. Teras upami beasna beak, kedah ngagaleuh ka Nyai Endit kalayan harga anu
ngagelembung.
Sementara eta, dihiji imah anu kacida mewah, Nyai Endit nanya ngeunaan pagawean
anak buahna, nyaeta Iman jeung Ajo.
Tangtosna, sababaraha minggu ti harita warga desa mimiti beak tuangeun, bahkan seer
anu geus mulai kalaparan. Sementara eta, Nyai Endit sok salameutan dina dahareun mewah di
imahna.
Jamal : Aduhhhh, kumaha ieu suplai beas kuring tos tereh seep.
Asep : Ihh enya nyah bener, berarti urang kudu meuli beas ka Nyai Endit.
Jamal : Jabaning ceuk tatangga anu sejen mah harga nateh naek lima kali lipat.
Asep : Kumaha atuh nasib urang?
Nurjamah : Assalamualaikum, aya naon ieu teh? Meuni rarame geuning.
Asep : Eta masalah Nyai Endit anu pangkoretna saduniaaa.
Jamal : Enya tah kawas lagu gening, “eta gening anu koret rege hese cap jahe Nyai
Endit anu koret Nyai Endit anu pedit”.
Nurjamah : Ya Allah mugia aya hidayah kanggo Nyai Endit.
Sadayana : Amiiiiinnnnn.
Hiji sore anu panas, ti tuntung Desa, katembong saurang warga nu keur leumpang bari
bongkok, ngaliwat ka perkampungan.
Saeungges kitu, si Nini ninggalkeun Nyi Enur anu masih keneh jongjon. Sementara eta Nyi
Endit keur meujehna dahar, kitu deui si Nini pangemis eta ujug-ujug aya di harepeun imahna,
jeung deui langsung di sanghareupan ku pengawalna.
Iman : Hehhh nini!!!! Gancang indit ti dieu!!! Ulah nepika teras ieu kotor gara-gara
anjeun!!!!
Nini : Astagfirullah, nini kadieu boga maksud.
Ajo : Maksud naon?
Iman : Pasti nini rek ngemis nya? Hahaha
Nini : Nini kadieu ek menta sedekah, sugan aya sesa tuangeun.
Iman : Dihhh emang na kuring rama anjeun? Mun hayang dahar meuli lain menta!
Mending nini indit, samemeh ku abdi di sered.
Nini : Nyai Endit!!!! Kaluar nini rek menta sedekah Nyi Endit (ngagorowok si nini)
Preman nyoba ngareret si nini nu teu ereun ngagorowok, tapi teu hasil.
Nyai Endit : Saha sih nu ngagorowok diluar, ngaganggu nu keur dahar wae atuh.
Nini : Kuring rek menta sedekah, da geus 3 poe teu dahar Nyi Endit.
Nyai Endit : Lahhh teu dahar ning menta ka kuring, mending gancang indit!!! Loba laluer
ngambeu sengit anjeun.
Si nini teu indit, tapi kalah nanclepkeun iteuk kana taneuh bari neuteup ka Nyai Endit dina
kaayaan raray anu ambek.
Nini : Heyyyy Endit salila ieu nu luhur geus mere rezeki ka anjeun, nepi ka warga di
Desa ieu ku anjeun disangsarakeun. Kuring datang kadieu minangja jawaban
kana do’a warga anu sangsara kana kalakuan anjeun! Ayeuna anjeun siap
nampi hukamanana.
Nyai Endit : Hahahaha, teu salah anjeun rek ngahukum abdi? Tempo pengawal kuring
saloba kieu, sakali takol ge geus inalillahi. Geus lah indit, miceun wae waktu.
Nini : Teu kedah repot-repot ngusir kuring, kuring rek indit lamun anjeun bisa nyabut
iteuk ieu.
Nyai Endit : Nini gelooo, naon hesena tinggal nyabut. Kuring ge mampu.
Teras.... Beuuu!!!! Nyai Endit nyobaan nyabut iteuk kuhiji lengen, iteuk na teu lengoh.
Anjeuna nyobian nganggo dua lengen, masih teu guguh oge.
Nyai Endit : Pangawal cabut iteuk si nini ieu, mun teu hasil buruh aranjeun ku kuring
dipotong!!!
Para pangawal nyobaan nyabut iteuk si nini, sanajan geus nyoba ku tilu lengen ge, tetep tei
guguh.
Nini : Hahaha maneh teu hasil ternyata, boga tanaga teu loba. Tempokeun kuring
bakal nyabut iteuk ieu!!
Tina sakali cabutan, iteuk eta langsung ngangkat tina taneh. Byurrr... ujug-ujug ti
tempat bolongan iteuk kaluar cai anu sakitu gedena.
Nini : Hahahah, Endit ieu hukuman anjeun, pikeun ieu cai nyaeta cimata jalma-jalma
anu sangsara ku anjeun. Anjeun jeung sakabeh kabeungharan anjeun bakal ti
lelep ku cai.
Saeungges ngomong kitu, si nini ngadadak leungit. Sesa Nyai Endit anu riweuh nempo
cai nu ngagebret. Gancang. Manehna nyoba lumpat pikeun nyalametkeun hartana, tapi cai
leuwih gancang ngalelepkeun maneh na jeung hartana. Desa ayeuna parantos ngawangun hiji
Danau leutik anu endah. Warga ngabere ngaran Situ Bagendit. Situ bagendit nu harti asalna
tina kecap Endit.....